Ngadodoho Jodo

Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya pisan. Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna bet daekeun ka uing ?

"Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !" kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot dina hate ahirna kanyahoan, sihoreng matak daekeun ge geuning neng Novie teh pangacakan batur. Hmmhh... dasar nasib,rajeun meunang sikumpay ari pek teh geuning geus endogan. Lain raja tega tapi kapaksa, gelenceng tali pancingan anu kungsi nyangreud dihate neng Novie dipegatkeun, koleab koleab sikumpay nyoloyong kahilirkeun. Rob loba nu muru. Dina jero hate ngan ukur bisa ngagerentes

"Pek tah saha nu hayang kabalejog deui !"

Tujuh poe tiharita clom tali pancingan di epankeun deui,giriwil aya nu nyanggut,kulap kelep dulak delek beuki lila beuki sidik sugan teh si Laohan impor ari pek teh geuning nu nyanggut teh ngan ukur si jaer hideung. Pamikir teh lumayan hideung hideung ge da geuning hideung santen,kaparengan palebah rupana mah nurubcupu jeung uing....uing belewuk...neng Surti sijaer tea cakeutreuk..serasi lah..! Tapi edas...sugan teh epana cukup ku jenil baso,cilok atawa es teler, da geuning lamun ngajak jajan matak rangkebong eusi dompet. Lamun geus kitu sok langsung we ngahaleuang lagu "Balikin" anu sok dihariringkeun ku para slankers "Mencintai kamu...bikin dompet gue kebobolan...balikin... oh... oh balikin !"

Tilu poe hahadean jeung manehna awak geus ngorotan tilu kilo, begang lantaran mikiran pangabutuhna. Tibatan awak jadi begang,hutang raweuy, luluasan jemprung,tali pancingan anu nyangreud di biwir si Jaer hideung dipegatkeun deui.

Koleab koleab si jaer matre ngoleab nuju kahilirkeun. Dina jero hate ngagerentes deui "Pek tah saha nu daek mulung!" Nepi ka ayeuna tali pancingan can wani ditaheunkeun deui,sieun keneh,ginggiapeun keneh,sieun deui manggih sikumpay endogan atawa bisi meunang
deui si jaer matre. Keun urang dodoho wae didieu, diluhureun golodog, sugan wae aya Siti Nurhaliza ngalanggkung atawa Bella Saphira ngaliwat.

Da ceuk nini ge cenah jodo mah jorok, euweuh aturan yen nu geulis kudu jeung nu kasep,atawa nu goreng jeung nu goreng deui, ari geus jodona mah bisa wae uing ge meunangkeun nu geulis. Lamun seug Siti Nurhaliza kaparengan ngaliwat kadieu heug dulak delek ka uing terus maksa menta dicangcang ku uing atawa Bella Saphira kukulamprengan kadieu heug kulap kelep terus maksa menta dikawin ku uing, pasti batur teh gujrud bari sing kecewis deui

"Ngalamun teh tong kamalinaan teuing euy..bisi ngebul tah sirah !"(SR)

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005