Kerak Telor

Poe Salasa wanci jam dalapan peuting di jalan Benjamin Sueb, loba jalma ngagimbung ditrotoar jalan, sugan teh para slankers aya nu ribut, da dijero pameran harita teh keur manggung grup musik slengehan nyaeta Slank. Ari barang breh sihoreng anu keur diriung teh hiji tanggungan kerak telor ringsek lantaran digadil ku taksi langsung kabur, padahal jalan teh sakitu upluk aplakna naha bet surudak suruduk kagigir, slebor !

Digigireun tanggungan anu ringsek katingali keler wadah goreng bawang jeung surundeng ngajongkeng bari jeung kaayaanana peupeus, lampu tempel paragi nyaangan dagangan ngajengjehe,hawuna anu pinuh ku areng panas oge paburantak, sumawona ari endog mah tong boro digadil ku barang teuas dalah katoel ge kadang sok pre weh peupeus, cangkang jeung eusina ngampar kana jalan aspal. Alhamdulillah ari nu jualana mah teu bocel bocel acan sarua jeung nasib jojodogna anu salamet teu ngilu kagadil.

Mangkukna diwewengkon eta keneh, basa kuring keur nungguan kerak telor asak, bari ngageber parukuyan gede minangka hawuna, siamang ngomong yen manehna cenah asalna ti Bayongbong Garut, malah nu ngaderet gigireunana ge cenah masih keneh baturna tambahna deui bari terus nyamaraan kerak telor anu sakeudeung deui asak. Salian ti urang Batawi geuning aya baraya urang nu jualan kerak telor teh, padahal kadaharan eta ciri hasna betawi punya.

Sajeroning mencrong tanggungan anu ringsek hate mah ngagerentes boa boa baraya urang anu meunang musibah teh,dina hate mah kumejot hayang nanya, mun enya teh deudeuh teuing baraya urang jauh jauh nyaba ka Jakarta bet meunang musibah, dilemburna mah meureun geus diwawaas wae ku kulawargana, bapa sakeudeung deui bakal datang bari rebo kukasono riba ku babawaan, mawa buku anyar jeung sicikal hadiah naek kelas, mawa boneka jeung sibungsu anu karek alewoh bisa ngomong. Tapi nyatana geuning boro boro mawa nukitu ngubaran kareuwas ge sigana masih keneh can parat.

Bener ceuk batur ibukota teh leuwih kejem alahbatan ibutiri, buktina loba kasus nu kawas diluhur, lamun nabrak leuwih hade kabur daripada malire, da pamikirna lamun malire tarohanana nyawa, awak digebugan kandaraan dibeuleum, kadang sok dibeuleum jeung jalma jalmana. Duh nya hukum teh aya dimana atuh ? maenya hukum jalanan anu berlaku.

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005