Tanda Cinta

Wanci tengah peuting aya sapasang mojang jeung jajaka keur bobogohan ,naek motor ngebut pisan.

Mojang : â€oeLalaunan atuh, kang... sieun ti gubrag !”
Jajaka : â€oeMoal atuh nyi, cobi geura nangkeup sing pageuh”
Mojang : â€oePan ieu ge tos pageuh, Kang !”
Jajaka : â€oeHeug ayeuna bade lalaunan, tapi waler patarosan akang !”
Mojang : â€oeNaon tea kang ?”
Jajaka : â€oeNaha leres nyai teh cinta ka akang ?”
Mojang : â€oeSaksina bumi sareng langit, abdi teh cinta pisan ka akang”
Jajaka : â€oeNaon buktosna ?”
Mojang : â€oeCobi geura buka heula helemna, teras ngalieuk heula apengker sakedap!”
Jajaka : ( bari ngalieuk katukang ) ”Naon buktosna ?”
Mojang : â€oeIeu kang……muaaaaahhhh !”
Jajaka : (gugurubugan )

Isukna aya beja yen dipengkolan jalan aya motor nabrak gawir, nu numpakna saurang awewe tur jeding biwirna jeung saurang lalaki sirahna buncunur tur beungeutna lamedong ku gincu.

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005