Cara Nyait tina Balai Sorangan

Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen. Kusabab rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana sawah. Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi kana lebah cangkeng manehna.

Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan, jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan. Gogorowokan ka ditu ka dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film buruan... mah). Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah. Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.

Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana hiji papagon ("resep") nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus) tilelep dina taneuh belok. Prak bae dicobaan, kieu carana teh:

"Motor didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy bae gegerenyeman ngadu'a jeung nguatkeun tekad. Teu katinggaleun koncina eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk ditarik ka beulah luhur".

Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak manehna katut motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak. Teu percanten nya, baraya? namina oge rahul. Kade ulah dicobian "resep"-na.

Sent by: e-ketawa posted on 03 July 2005